Rabu, 06 Januari 2010

Carita Ratu Pakuan

Carita Ratu Pakuan
Ti Gunung Kumbang
Gunung Giri Maya Seda
Petapaan Pwahaci Mambang Siyang
Nitis ka Rucita Wangi
Ahis Tuhan Jaya Sakti
Seuweu Patih Sang Atus Wangi
Munding Cina pulang dagang
Basa pula ti lumajang
Sakelel miduwa basa
Nu beunghar di pabeyan
Gunung Tara Maya Seda
Bukit Si Panglipur Manik
Patapaan Pwahaci Mambang Kuning
Nitis ka Manik Dewata
Ka Sang Raja Angsa
Ahis Ratu Premana Tuhan Paksajati
Seuweuna Serepong Wangi
Nu beunghar di Taal Wangi
Gunung Cuou Bukit Tanporasih
Patapaan Pwahaci Nirwati
Nu nitis ka Tambo Agung nu Leuwih kasih
Ahis Tuhan Rahmacute
Seuweu Patih Parebu Wangi Serepong
sira Punara Putih ti Sumedanglarang
Gunung Cupu Bukit Tanpor asih
Mandala Tanpa Wahanan
Sri Gina Bukit Manghening
Patanjala panenjoan
Gunung Si Purnawijaya
Peuntaseun Sanghiyang Linggamanik
Di Sanghiyang Windupatala nu euyeuna
Gunung Lenggang patapaan Pwahaci Manireka
Nitis ka Subanglarang
Ahisna Jayapremana
Seuweuna Jero Kuningan
Mangkubumi Singapura
Nu beunghar di Sumurwangi
Gunung Cupu Bukit Tanporasih
Mandala Tanpo Manghening
Sri Gina Bukit Manghening
Mandala Tejapetala
Patapaan Hinten Mananggay
Nitis ka Majalarang
Ahisna Tajimalela Panji Romahiyang
Seuweuna Demung Tabela panji Ronajaya
Dayeuhna di Singapura
Gunung Lenggang Mandala Herang
Bukit Si Panglipur Manik
Mandala Tanpa Wahanan
Sri Gina Bukit Manghening
Patanjala Panenjoan
Peuntaseun Sahyang Goan
Gunung Si Purnawijaya
Lumenggang larang sorangan
di Sanghyang Keusik Manik Matu Mirah
hanjuan di kebang homas
patapaan raga Pwaherang Manik
nitis kanu geulis rajamantri
nu geulis palang ngajadi
nu micaya sisit peuting cangkang beurang
kala hese panonpoe
miawak seda karuna
ahis Tuhan Sunten Agung Sang Raja Gunung
seuweuna juru labuhan
dayeuhna di Pagulingan
mangkubumi di Sumedanglarang
ngapwahan moheta bedas
nu ngirutan haci dewata
Gungung Guruh Bukti Sripebakti
Salaka Sanghyang Nusa
Di susuku Gunung Kumbang
Bukit Si Salaka Mirah
Mandala Sri Kapundutan
Di Sanghyang Salalading
Nu mepek na Bumi Manik
Patapaan Bagawat Sang Jalajala
Susulan watek Dewata
Murba di Bumi Pakuan
Gunung Paguh mandala Kumpay Bwana
Patapaan Batara Tunggal
Nu nitis ka Sunten Agung
Ngapuhan moheta bedas
Mahanan di Gunung Kumbang
Gunung Gorak Mandala Terus Patala
Patapaan Batara Jaya Merang
Nu nitis ka Amuk Murugul
Sang Mantri Agung Mereja Sang Mantri Jaya
Seuweu Tuhan Lampung Jambul
Kidang Sawakul patumuhan
Ti nu geulis Sang Titi Sang Geulis Wangi
Ngapuhan moheta bodas
Tujuh Sanghyang Mahut Putih
Nu mungguh di Handaru
Deung Sanghyang Linggamanik
Deung Sanghyang Hindithinditan
Nu mungguh si siki panon
Deung Sanghyang Karang Curi
Nu mungguh tumpak di huntu
Deung Sanghyang Cadas Gumantung
Nu mungguh di tungtung letah
Deung Sanghyang Cadas Putih Gumalasar
Nu mungguh di harigu
Deung Sanghayang Adong Agung
Sagede munding saadi
Nu mungguh tulang tonggong
Deung Sanghyang Bitung Wulung patet ka langit
Nu mungguh tumpak di siki eta
Reujeungna ngajadi Gunung Paguh
Mandala Hibar Bwana
Patapaan Batara Wisnu Dewa
Nitis ka Tajimalela Panji Rohmahiyang
Gunung Jajar Sri Lenggang
Patapaan Buyut Sang Herang
Nitis ka Rahmacute
Gunung Tilu mandala Reka Maya
Patapaan Batara Wisnu
Nitis Jayasakti
Gunung Manik mandala Si Nata Lenggang
Patapaan Batara Wisnu Wisesa
Nitis ka Jayapremana
Halayna hanteu kabita
Ku nu geulis tus dilaki
Dicarita Ngabetkasih
Kadeungeun sakamaruhan


…….


Bur payung agung nagawah tugu
Nu sahur manuk sabda tunggal
Nu deuk mulih ka Pakuan
Saundur ti dalem timur
Kadaton wetan buruhan
Si mahut putih gede manik
Maya datar ngaranna
Sunijalaya ngaranna
Dalem Sri Kencana Manik
Bumi ringit cipta ririyak
Di Sanghyang Pandan Larang
Dalem si Pawindu Hurip
Bumi hiji beunang ngukir
Kadua beunang ngareka
Katilu bumi bubut
Kahopatna limas kumereb
Kalima badawang sarat
Kegenep bumi tepep
Katujuhna hanjung meru
Kadalapan tumpang sanga
Kasalapan pangencayan
Hanjung pengherit deung rekeng
Rekeng pagerit deung hanjung
Ngaranna Dalem kalangsu
Bumi manik kamaricik
Ngaranna Ganggang Hopatih
Bumi ricik di Sanghyang Sumurbandung
Dina gelar pametonan
Katanon panto ranjang
Di Sanghiyang Wana Datar
Malangna tuah paseban
Bale bubut bale mangu
Bale watangan bale tulis
Lamena di bale sitan pawahanan
Pamoha pangulag tenah
Saha nu angkat ti heula
Tan liyan Girang Nanggaranan
Nu nangganan para putri nu geulis
Nu ceput agung bang jaya
Kandegana Kentring Manik Mayang Sunda
Bok janur larang bancana
Ahisna Amuk Murugul
Sang Mantri Agung Mareja Sang Mantri Jaya
Seuweu Tuhan Lampung Jambul
Kidang sawakul patimuhan
Ti nu Geulis Sang Titi Sang Geulis Wangi
Bur ti heula ley pandeuri
Iyu nahun suhunan
Baluk karas himbal kararange
Besek jati dipasagi bubuleud emas
Tetek taleh salaka
Sasaka gading ditapak liman
Baaneun ka Pakuan
Bur jolian homas
Dipucakan ku camara gading
Dililingga ku homas
Ngaranna tan garantay
Dipuncakan ku mirah
Tupak dikarang mataja
Singasari keri kanan
Payung wilis lilingga gading
Dipuncakan ku manik molah
Payung getas lilinggaan
Dipuncakan homas
Deung payung saberelian
Beunang ngagaler ku lungsir
Tapo terung homas keloh
Gelewer paraja papan
Kikiceup deungeun liliyeuk
Deg semut sama diulur
Betana tatama pindah
Bur kadi kuta sri manglayang
Lumenggung di awang awang
Juru kadi ti pandeuri
Juru kandaga ti heula
Deung sawung galing kiwa tengen
Ditengah kidang kancana
Saha nju di singabarong
Bur ti heula ley pandeuri
Satagana lahin deuhi
Nu Geulis Tan Bunga Sari
Ahis Tuhan Bima Raja
Putri ti Lohdatar Luhar
Deung nu geulis Sriwati
Ahisan Munding Dalima
Putri ti Gunung Kayapu
Deung nu Geulis Raja Kalapa
Ahis Tuhan Bima Kalang
Putri ti Kalapa Jajar
Deung nu Geulis Limur Kasih
Ahisna Panji Bomapati
Putri ti Pasir Batang
Bur nu nurut lakiyan
Tujuhan sapilanceukan
Haritacang Haristacu
Harikeling Harismaya
Seuweu Parebu di Tanjung Wetan
Nu pupus sapihunungan
Nu hilang ku ketang mosoh ku bajo
Paheh ku wangi sagara
Deung nu geulis Dewi Samatra Ratu Larang
Ahisna Kebo Tape Panji Tagehan Wangi
Putri ti Tanjung Nagara
Bur nu nurut lakiyan
Haning cina Sri Wangi
Sari Putri Batari
Tarahan wang
Seuweu susuhunan Makabo
Nu pupus sapihunungan
Deung nu geulis Maya Pakembangan
Nu pupus sapihunungan
Hilang di Karang Sidulang
Deung nu geulis Dewi Banding
Ahisna munding Dalingin
Putri ti Kutawaringin
Deung nu Geulis Aci Manglaya
Ahisna kebo Manglaya
Putri Tungtung Pasang
Deung nu Geulis Dewi Rarage
Ahisna Tulang Kalang Bate
Putri ti nusa pali
Kabogoh kuna jeneng putri
Hapur kembang hideung santen
Maromon kenana carang
Sairung deung Embo Agung
Satarang deung Raja Angsa
Sapipi deung Ngabetkasih
Irung kadi pala kurung
Panon kadi kaca cina
Barentik na bulu panon
Taktak taraju jawaeun
Hejo kelek teu buluhan
Ngarana twa si danuh
Pangaruh reya maru
Pangawet diboga salaki
Bengsal teu dipiwarang
Deung nu geulis Dewi Raja Kabalahan
Ahisna Lembu Pepeteng
Putri ti Pasuketan
Bogoh kuna jeneng putri
Jembut awak kambuy beuteung
Parandane digedekeun
Da ahis kandaga Lante
Bur ti heula ley pandeuri
Sataganan lahin deuhi
Nu geulisna Tunjung Mambang Sari
Ahisna Gajah Bungbang
Putri ti Pulo Kambangan


..........



Hana Caraka
Data sawala
Pada jaya
Nya maga batanga
Sadu pun
Sugan aya sastra
Leuwih suda baan
Kurang wuwuhan
Beunang diajar nulis
Gunung Larang Sri Manganti





Cuplikan : Naskah Ratu Pakuan.
Drs. Atja, Ratu Pakuan, 1970.
Disadur dari Lima Abad Sastra Sunda – Sebuah Antologi – Jilid 1,
Geger Sunten – Juni 2000